Wednesday, January 24, 2018

Makna Hakékat Sholat

Hasil gambar untuk Sholat

يَأْتِى عَلىَ النَّاسِ زَمَنٌ يُصَلُّوْنَ وَلا َ يُصَلُّوْنَ

“Bakal datang hiji mangsa ka manusa, dimana maranéhna ngalaksanakeun sholat, tapi hakékatna maranéhna henteu sholat” (H.R. Ahmad)

Hadits di luhur, ngaisyaratkeun ka urang sadayana, yén bakal datang hiji mangsa ka manusa, loba nu sholat tapi sholatna teu ngabuahkeun hasil. Hartina, sholatnamah dilaksanakeun, ngan saba’da sholat teu aya pangaruh dina kahirupanana. Kabuktian, mun seug urang pirajeuneun niténan, boh niténan diri pribadi khususna, umumna ka nu lian, geuningan sering aya jalma (kaasup urang), sholatna rajin tapi akhlak ka sasama teu hadé. Sholatnamah dilaksanakeun, tapi ngabohong, nipu, nganiaya, silih fitnah, teu akur jeung dulur, ogé teu hadé jeung tatangga jadi pakasaban. Sholatnamah dilaksanakeun, tapi dina kahirupanana jauh tina tetekon kahirupan nu . Tegesna, pangaruh sholatnaegeus dicontokeun ku Rosululloh Muhammad  teu napak kana kahirupan. Malah nu leuwih parahmah, aya sawatara jalma nu ngaku islam, nu ngaku iman, kana Sholat téh nganggap bangbaluh lain pangabutuh, sholat dianggap pangbeubeurat, lain kawajiban nu tumuwuh tina kasadaran nu kuat, pikeun tumuwuhna rasa ta’at. Ku hal sakitu, loba diantara dulur urang malah teu nutup kamungkinan kaasup urang, kana sholat téh haroréam, ngalalaworakeun, malah wani ninggalkeun.


Padahal, mun seug urang neuleuman kana makna hakékat sholat, maka urang béh dieuna bakal kabita edia ngasaan amisna sholat, atuh béh dituna urang bakal embung leupas tina kanikmatan amisna sholat. Ngan terkadang urangmah jiga budak leutik, nu teu resep kana nginum obat, karék daék nginum obatna téh nalika dipaksa baé. Padahal, lamun budak apal yén obat téh bakal nyageurkeun panyakit tur loba manfaatna. Maka, pasti budak bakal resep kana éta obat. Tah, diaku jeung teu diaku, rumasa jeung teu rumasa, umumna anggapan jalma (kaasup urang), kitu kana sholat téh, da teu apal téa kana nikmatna jeung amisna sholat. Maka, kana sholat téh resep teu resep, mun dina ngalaksanakeunana ogé mung ukur bébas kana kawajiban wungkul, ulah henteu teuing. Nu antukna, sholat téh teu aya buahna, teu karasa amisna. Nganggap sholat ukur kawajiban, lain pangabutuh dina raraga ngajadikeun sholat téh hiji jalan/ edia Muwajahah (patepung)-na Ihiji hamba jeung Alloh  

Ari makna sholat miturut bahasa, mibanda harti ngad’oa. Sedengkeun Miturut istilah syar’i-mah, nyaéta salah sahiji tingkah ibadah nu dimimitian ku Takbir dipungkas ku Salam’, kitu miturut para Ulama Fiqih. Sedengkeun ari makna hakékat Sholat, nyaéta hiji tingkah ibadah jasmani (jasad) sareng ruhani (jiwa) hiji makhluk (hamba) nu mangrupakeun hiji média atawa jalan pikeun patepung , nu langsung tanpaI(Muwajahah) ogé Munajat ka Kholik-na nyaéta Alloh  , dina dawuhana-Na: “Sholatecukang lantaran. Malihan saur Kanjeng Nabi  téh mangrupakeun mi’roj-na jalma nu iman (أَلصَّلَاةُ مِعْرَجُ الْمُؤْمِنِيْن ).

Ari mi’raj téh, urang tos pada uninga, nyaéta hiji kajadian nu ahéng nu mangrupakeun lalampahan Kanjeng  ti wengi, ti langit dunya nepi ka Sidrotul Muntaha. Nu hal ieueNabi   nu luhung ajénna. Sabab,etéh minangka pangalaman spritual Rosululloh  teu sadaya para Nabi sareng para Rosul kénging anugerah samodél kieu ti . NyaétaIAlloh  , nuI sareng Alloh epatepung (Muwajahah)-na Rosululloh  akhirna nampi hiji paréntah kawajiban, nyaéta sholat lima waktu dina  kacida caketnaesapoé sapeuting. Tah dina kajadian ieu Rosululloh  e, malihan sapalih katerangan nyebutkeun, yén Rosululloh Isareng Alloh   nu disimbolkeun ku ‘sidrotulItéh papayun-payun ngobrol sareng Alloh  muntaha’, nyaéta hiji tatangkalan nu dilimpudan ku cahaya nu kacida caangna, sahingga teu sambarang jalma bisa ningal anging kalayan izin . Dumasar kana hal éta, maka sholat téh bisa disebut jalan atawaIAlloh  média mi’roj (naék)-na hiji ruhani (jiwa) hamba pikeun patepung sareng .IAlloh 

Dina hal ieu pisan, sapalih Ulama ngajelaskeun, mun sholat urang hayang jadi Mi’roj. Maka, saba’dana urang nyampurnakeun susuci (wudhu), kalayan diniatan seja nyucikeun lahiriyah tina sagala kokotor, najis jeung sajabana nu némpél dina anggota badan urang kalayan sampurna, tur nyumponan syarat sareng rukunna kalayan Lillaahi Ta’ala. Nu satuluyna urang ngamimitian , kalayanInyucikeun bathiniyah ku niat nu murni ikhlash karana Alloh  ngahadirkeun haté urang, seja sholat, seja patepung (muwajahah) sareng , bakalI. Sabab, ku ngahadirkeun haté nu ikhlash karana Alloh IAlloh  jadi konci ka bukana panto hijab (hahalang) antara hiji hamba jeung .IAlloh 
Miturut sapalih katerangan disebutkeun, yén dina diri manusa téh aya hiji tempat nu mangrupakeun konci léngkahna manusa, nya haté (qolbu) téa. Haté téh bisa diisian ku dua rupa sifat, nyaéta sifat lahut (rasa ka-ilahi-an) jeung sifat nasut (rasa ka-manusa-an).

Ari sifat ‘Lahut’ asal tina kecap ‘Ilah’ hartina ‘Pangéran’, maka arti ‘Lahut,’ nyaéta ‘ka-pangéran-an/ka-ilahi-an’. Nu mawa ka manusa pikeun ngalakukeun hal-hal kahadéan, ngajak sadar jeung numuwuhkeun rasa karumasaan diri..

Sedengkeun sifat ‘Nasut’ asal tina kecap ‘Nas’ hartina ‘manusa’. Naon sabab manusa disebut ‘nas’, sabab manusa mibanda sifat ‘nisyan’ (poho). Tah terkadang Sifat Nasut ieu, nu sering mawa manusa pikeun ngagugu kana hawa nafsu, milampah hal-hal nu gaflah jeung salah, mawa kana watek ma’siyat. Nu tungtungna mawa rugi ka diri, cilaka kana jiwa raga, patepung jeung bebendon Alloh .I

Tah, mun manusa bisa ngéléhkeun sifat nasut (rasa ka-manusa-an) ku sifat lahut (rasa ka-ilahi-an), maka  bakal bétah cicing dina haté manusa. Maksud bétah cicing didieu,IAlloh  lain hartina Alloh butuh tempat, mustahil Alloh butuh tempat. Tapi, nu dimaksud bétah cicing didieu téh, nyaéta mun seug manusa geus bisa ngaleungitkeun rasa angkuhna salaku manusa, rasa umaku mibanda sagala nu aya di diri manéhna, jeung rasa-rasa kamanusaan séjénna, maka bakal ngawujud hiji tangtungan manusa nu salilana ngajadikeun anggota badanna pikeun ngalaksanakeun kata’atan ka Alloh. Tegesna, sifat Ka-ilahian-an sumurup miraga sukma, ngahiji dina jiwa katut ragana. Lamun nyarita, tara nyarita nu carékeun Allloh, lamun ngaléngkah, léngkah nu , munI, i’tikadna nu dipikaridho Alloh Idipikaridho ku Alloh  ngagunakeun paningal geus pasti ningali sagala nu dipikaridho ku Alloh . Tegesna, taya hiji anggauta badan ogé nu tinggaleun, anging pikeunI ngalaksanakeun perkara nu di pikaridho ku Alloh .I

Tah, nalika urang sholat, salian ti nyumponan syarat sareng rukunna téh, urang diperedih, pikeun ngeusian haté urang ku sifat ‘lahut’ (rasa kailahian), sifat nu salilana pasrah sadrah bari sumerah, mulangkeun jiwa sareng raga kanu hakna nyatana Alloh  إِنَّا للهِ وَإِنَّا إِلَيْهِ رَاجِعُوْنَI (saéstuna abdi sadaya milik Alloh, tur saéstuna ka manten-Na abdi sadaya mulang). لَاحَوْلَ وَلَا قُوّةَ إِلَّابِالله الْعَلِيِّ الْعَظِيْم.
Tuluy tancebkeun rasa ‘Ihsan’. . Di hareupeunIHartina, nancebkeun rasa yén urang téh ningali Alloh  urang, urang téh keur ngadeuheus ka payuneun manten-Na, ngauningakeun kalemahan urang, kahinaan urang, ka teueucreugan urang, kalalaworaan urang kana sagala paréntah-Na, kamantangulan urang ka Manten-Na, ka teuwalakayaan urang, kafaqiran urang, jeung kamiskinan urang. Mun teu bisa kitu, tancebkeun dina rasa, yén urang téh keur ditalingakeun ku Alloh , yénI salalawasna urang hamo bisa leupas tina kakawasaan Alloh . Jiwa, raga, ucapan, patékadan jeung lampah, kabéh ogé aya dinaI . Ti mimiti kerenteging manah nepikeun ka praknaIpanalingaan Alloh   marenganI uninga. Tur salalawasna dua malaikat Alloh Imilampah Alloh  urang, nyatet, nga-dokuméntasi-keun sagala nu ku urang dipilampah boh nu hadé kitu kénéh nu goréng.

Sanggeus kitu, sifat ‘nasut’ (rasa kamanusaan) urang, urang écagkeun heula tumuwuhkeun rasa karumasaan diri, yén diri téh lemah, taya tangan pangawasa, taya daya sareng upaya, kabéh nu dipibanda taya hak pikeun miboga sadayana milik  teu pantesI. Rasa angkuh, takabur éta sadayana hak milik AllohIAlloh  dipibanda ku urang salaku makhluk (nu diciptakeun). Urang kudu bisa ngaleupaskeun sagala rereged kadunyaan nu matak mawa cilaka diri, nu matak lali kana temah wadi ogé kana purwadaksi. Urang écagkeun heula samentara urang keur sholatmah, supaya sholat urang kaasup sholat nu manjing kana hakékat tur urang bisa Mi’roj pikeun Munajat bari Muwajahah (patepung) sareng Alloh , kalayan jiwa sareng raga nu suci beresihI tina sagala rereged kamanusaan urang.

Ngan nu jadi pasualan, henteu bisa kitu baé urang ngalaksanakeun sakumaha nu diuningakeun di luhur, tapi insyaalloh saupamina ku sering ngayakeun Riyadhoh (latihan)-mah kalayan tuluy-tuluy, maka naon nu diuningakeun di luhur bisa dilaksanakeun. Mangga urang sami-sami latihan, bari ngado’a ka Alloh mugia dipaparin rasa istiqomah dina ngalaksanakeunana.

Kajaba ti éta, sholat ogé jadi ciri nu mandiri nu ngajadikeun bédana antara jalma Iman jeung jalma kafir. Sholat ogé minangka tihangna agama, tur amal nu paling awal Iditanyakeun ku Alloh  ka manusa jaga di yaumil jaza’, sakumaha Dawuhan  dina Hadits-na nu diriwayatkeun ku Imam Ahmad,eKanjeng Nabi Muhammad  Abi Daud, jeung Ibn Majah nu sumberna ieu Hadits téh ti Tamim Ad-Dary .:t

“Amal nu mimiti ditanya ku Alloh ka hiji hamba dina poé kiamat jaga, nyaéta amalan sholat. Mun seug sholatna si éta hamba ditarima, maka bakal ditarima sakabéh amalna, jeung (sabalikna) mun seug sholatna si éta hamba ditolak, maka bakal di tolak sakabéh amalna” .

Palebah dieu jelas, yén sholat téh minangka ukuran tina sakabéh amaliyahna manusa nu ngaku iman jeung nu ngaku Islam. Tegesna, mun sholatna geus hadé tur sampurna, manjing ,Ikana ditarimana ku Alloh  maka bakal ngawujud hiji pribadi nu unggul, hiji insan nu sampurna (insanul-kamil), mibanda akhlak nu mulia, tur dina kahirupanana pinuh ku katingtriman batin, henteu guligah, henteu sarakah, pinuh ku rasa amanah jeung mahabbah jauh tina ma’shiyat, anggang tina laku lampah gaflah jeung salah, ogé salalawasna kata’atan natrat, ngagurat, dina ucapan, i’tikad, lampah jeung paripolah.

Sabalikna, mun sholatna teu hadé, maka sholatna teu aya pangaruh kana kahirupanana. Laku lampah maksiyat tetep dipilampah, lalawora kana amanah, ka batur nyacampah, ka dulur teu akur, ka tatangga jeung sasama nganiaya, ngabohong, nipu,  dinaIjeung sajabana. Mun geus kitu, maka manjing kana Dawuhan Alloh  surat Al-Ma’un ayat 4-6, nu lebah dieu pisan, urang kudu boga rasa kahariwang, rasa watir, rasa kasieun, boa-boa urang téh kaasup kana ukuran jalma nu sholat tapi cilaka, Na’udzu Billahi Min Dzalik:

فَوَيْلٌ لِّلْمُصَلِّينَ, الَّذِينَ هُمْ عَن صَلَاتِهِمْ سَاهُونَ, الَّذِينَ هُمْ يُرَاؤُونَ (ألماعون:4-5)

“Maka cilaka pikeun jalma nu sok Sholat, nyaéta jalma-jalma nu mopohokeun tur ngalalaworakeun sholatna, nya jalma-jalma nu riya (hayang kapuji)”.

Ayat di luhur, ngajelaskeun cilaka jalma nu sholat. Lain jalma nu teu sholat, tapi didieu jelas, yén jalma nu sholat bakal cilaka (komo nu teu sholat).

Nu kumaha jalma nu sholat, tapi cilaka téh ?.

Nyaéta jalma nu mopohokeun tur ngalalaworakeun sholatna, yakni jalma nu sholatna teu didadasaran niat ., niat sholatna tos ngagiclek, ngagésér tina karana AllohIkarana Alloh  , kana hayang dipuji atawa pupujieun ku nu lian, nya sifat riya’ téaI ngaranna. Salian éta, nya kaasup ogé jalma nu sholat lalawora téh, nyaéta jalma nu sholatna teu sadar, yén dirina téh keur ngadeuheus ka , sahingga pikiranana jeung haténa kumalayang liar, disibukkeunIAlloh  ku haliyah dunya nu ditinggalkeun saméméh sholat, teu aya saeutik ogé . Tah, nu kieu nuIperasaan yén dirina téh keur ngadeuheus ka Alloh  disebut jasmanina sholat, tapi jiwa jeung bathinna teu sholat. Tegesna, jalma nu sholat tapi hakékatna manéhna teu sholat, nya katelah سَاهُونَ [saahuun]. Tegesna, jalma nu mopohokeun tur ngalalaworakeun sholatna.

Mudah-mudahan urang sadayana kalebet jalmi nu sholat tapi teu cilaka, sholat nu bisa mi’roj, sholat , ogé sholat nu mawa parobahan ka diri pribadi dinaInu ditampi ku Alloh  . Amin.Iraraga ibadah ka Alloh. Wallohu A’lam Bish-Showaab

No comments: