mun seug anjeun apal kana sagala eusi hate
terus lulumpatan mapaykeun jalan laratan
gandrung liwung meuntasan taun
ngukur waktu ku simpena hate
anu nyaring cindek na diri
diusir sarebu kali lain incah kalah kanceuh
rasa salah nu salila ieu ngaguliksek
rasa dosa nu salila ieu minuhan hanjelu hate
terus mirig kamana bae hate ngumbara
bongan hayang kahujanan cai panineungan
carita lawas nu kungsi urang kotretkeun
masih jentre na jero hate
jadi simpay pangeling asih nu nyanding
pangjeujeuh duriat nu pernah datang
panineungan… duh panineungan
hiji rusiah antara anjeun nu jauh, kuring nu anggang
mun hate kongang carita
paneda diri, diri nu sakiwari
sayaktosna anjeun sapikir jeung abdi
ngotretkeun deui carita nu beda
lain maksud ngahihileudan
wantun sumpah… wantun sumpah
sanggem abdi gering asih ti kapungkur
duh… geulis teu pisan-pisan
palias isin ku purwadaksi
abdi nyaksi, kaayaan urang geus beda
simpay baraya estu nu diseja
Diarsipkan di bawah: Puisi, Raga Katineung
No comments:
Post a Comment